Khutbah

Khutbah Idul Fitri Bahasa Sunda: Lebaran nu Berkah

Sen, 4 Juli 2016 | 20:08 WIB

Khutbah Idul Fitri Bahasa Sunda: Lebaran nu Berkah

Ilustrasi (www.meltyarabic.com)

Khutbah I

الله أكبر، الله أكبر، الله أكبر، الله أكبر، الله أكبر، الله أكبر،الله أكبر، الله أكبر، الله أكبر
الله أَكْبَر كَبِيْرًا وَالْحَمْدُ لِلّهِ كَثِيْرًا وَسُبْحَانَ اللهِ بُكْرَةً وَأَصِيْلًا. لَا إِلَهَ إِلّا اللهُ وَلَا نَعْبُدُ إِلّا إِيّاهُ مُخْلِصِيْنَ لَهُ الدِّيْن وَلَوْ كَرِهَ الْمُشْرِكُوْن. لَا إِلَهَ إِلّا اللهُ وَحْدَهُ صَدَقَ وَعْدَهُ وَنَصَرَ عَبْدَهُ وَأَعَزّ جُنْدَهُ وَهَزَمَ الْأَحْزَابَ وَحْدَهُ، لَا إِلَهَ إِلّا اللهُ وَاللهُ أَكْبَرُ اللهُ أَكْبَرُ وَلِلّهِ الْحَمْد
الحمد لله الذي فرض الصيام على عِباده المؤمنين وَ جَعَلَهَا رُكْناً مِن أَرْكَان الإسْلام لِجَميعِ المسلمين وأمرنا بالمحافظة عليها في كتابه المبين. أشهد أن لا اله الا الله الملك الحق المببن وأشهد أن سيدنا محمدا عبده ورسوله الصادِقُ الوَعْدِ الأمين وصلى الله على سيّدِنا محمد وعلى اله وأصحابه والتابعين إلى يوم الدين اما بعد فيا عباد الله أوصيكم واياي بتقوى الله لعلكم ترحمون قال تعالى في كتابه الكريم أعوذ بالله من الشيطان الرجيم بسم الله الرحمن الرحيم يا ايها الذين امنوا اتقوا الله حقَّ تُقاتِه ولا تموتُنَّ إلّا وأنتم مُسْلِمُون

Allahu Akbar 3x

Sagala puji kagungan gusti anu maha suci shalawat salam mugi salamina disanggakeun ka kangjeng Nabi Muhammad SAW katut kulawarga shahabat sareng ka sadaya umatna anu mutaba'ah ka anjeuna tug dugi ka yaumil kiyamah.

Sajagad raya umat Islam di dunia dinten ieu nuju ngarasa bungah bahagia kulantaran tos beres ngalaksakeun dua kawajiban nyaeta ibadah puasa sareng zakat fitrah.

لِلصَّائِمِ فَرْحتَانِ فَرْحَةٌ عِندَ إفْطَارِهِ وَفَرْحَةٌ عِنْدَ لِقاَءِ ربّهِ

Saur pidawuh Rasulullah SAW, “Pikeun nu puasa aya dua kabungah nyaeta nalika buka sareng naliku tepung jeung Allah jaga di akherat”.

Ayeuna umat Islam kudu ngarasa bungah sabab urang tos berhasil ngalakonan puasa dina sabulan lilana, pamugi wae puasa urang jeng sagala ibadahna ditarima ku Allah SWT.

Allahu Akbar Allahu Akbar Allahu Akbar

Ibadah Puasa bisa ditingali tina opat jihat nyaeta Aqidah, fiqih, etika jeung falsafah.

Kahiji, Tina segi agidah urang wajib nekadkeun yen puasa teh bagian tina rukun Islam anu lima kalawan didadasaran ku dawuhan Allah anu nyata jelas tur tandes dina al-quran al-karim.

Saha wae jalma anu ingkar kana wajibna puasa ramadlon berarti murtad, hartosna eta jalma tos kaluar tina Islam, pon nyakitu keneh anu teu puasa di bulan Ramadlon kalawan ingkar kana wajibna puasa maka dihukuman murtad , nu kitu lain wae wajib qadlo tapi wajib disyahadatkeun deui, lamun henteu syahadat deui eta jalma dihukuman kafir.

إِنَّ الَّذِينَ كَفَرُوا وَمَاتُوا وَهُمْ كُفَّارٌ أُولَٰئِكَ عَلَيْهِمْ لَعْنَةُ اللَّهِ وَالْمَلَائِكَةِ وَالنَّاسِ أَجْمَعِينَ خَالِدِينَ فِيهَا ۖ لَا يُخَفَّفُ عَنْهُمُ الْعَذَابُ وَلَا هُمْ يُنْظَرُونَ

Hartosna, ”saestuna ari jalma anu kafir tur maot dina kaayaan kafir maka eta jalma-jalma teh bakal meunang la’nat Allah, malaikat jeung sakabeh manusa, maranehna abadi di Naraka tur moal meunang karinganan sarta moal ditingali- tingali acan” ( Qs. Al-Baqoroh: 161-162)

Ancaman dina ayat ieu diantarana ditunjukeun pikeun jalma anu ingkar kana wajibna puasa, kalawan ancamannana naraka salalawasna.Sedengkeun keur jalma anu henteu puasa tanpa uzur bari nekadkeun kana wajibna puasa, maka dihukuman jalma durhaka, kalawan wajib thobatna jeung ngodoan dina bulan sejenna.

Kadua, dina segi fiqh, puasa kudu dilaksanakeun kalayan akur jeng katantuan hukum diantarana rukun puasa kudu niyat di waktu peuting jeung ngajaga tina sagala rupa anu matak ngabatalkeun dina waktu beurangna. Sedengkeun sahna puasa kudu beragama Islam, mumayyiz (hartina bisa ngabedakeun antara hade jeng goreng), terus puasa teh kudu suci tina darah hed jeng nifas.

Puasa mung wajib keur jalma anu berakal, baligh jeung mampu ngalaksanakeunnana. Sedengkeun keur jalma anu henteu kuat saperti anu gering jeung musafir henteu wajib puasana, tapi wajib qado di bulan sejenna.

أَيَّاماً مَّعْدُودَاتٍ فَمَن كَانَ مِنكُم مَّرِيضاً أَوْ عَلَى سَفَرٍ فَعِدَّةٌ مِّنْ أَيَّامٍ أُخَرَ وَعَلَى الَّذِينَ يُطِيقُونَهُ فِدْيَةٌ طَعَامُ مِسْكِينٍ فَمَن تَطَوَّعَ خَيْراً فَهُوَ خَيْرٌ لَّهُ وَأَن تَصُومُواْ خَيْرٌ لَّكُمْ إِن كُنتُمْ تَعْلَمُونَ

"Hartosna, puasa dina pirang pirang poe anu ditangtukeun, saha wae anu teu puasa lantaran gering atawa musafir maka qodoan puasana dina poe lain, sedengkeun lamun teu mampu puasa sabab uzur maka kudu diganti ku fidyah nu dipasrahkeun ka jalma miskin anu lobana samud sapoena, jeung saha jalma anu nyieun kahadean kucara nambahan fidyah maka eta leuwih utama, jeung lamun puasa eta leuwih hade pikeun aranjeun kitu ge lamun aranjeun pada ngarti.” (Qs. Al-Baqarah, 184)

Katilu, masalah etika dina puasa mangrupakeun pokok pergaulan sapopoe, mun jalma boga etika pasti bakal dihargaan, tapi ulah miharep jalma ngahargaan lamun urang hente pernah ngahargaan ka batur.

Etika anu puasa atawa anu henteu puasa pada- pada wajib silih ajenan. Keur anu henteu puasa etikana kudu nutupan yen dirina henteu puasa, ulah sembarangan cuam caem balangdahar di mana wae. Masalah puasa eta urusan pribadi, rek puasa heug henteu oge heug, ngan kahayang teh kudu boga kaera mun bulan puasa balang dahar sembarangan, paling saeutik kudu era ku jelema lamun teu era ku gusti Allah. Mun teu boga kaera ku jalma berarti eta nandakeun yen dina dirina henteu boga iman.Saperti pada umum jalma anu beda agama, malah sopan keneh jalma non muslim sok ngahargaan sanajan manehna teu puasa.

Sedengkeun keur jalma anu puasa kanu henteu puasa etikana kudu ngelingan, kucara mere nasehat atawa ngawurukan sangkan urang ngajaga balang dahar sanajan henteu puasa. Sabab penting kacida urang ngajaga tina penilaian negatif batur terhadap diri urang, sahingga ulah dianggap ku batur yen urang tara puasa tara shalat tara ibadah, kajaba mun urang geus bener-bener henteu ngaku kana agama Islam. Dina agama Islam aya wacana mun berbuat maksiat bari nyumput eta masih aya kahadean keneh. tapi lamun nyieun kagorengan bari terang terangan nandakeun geus ruksak imanna. Saur Kangjeng Nabi yen era teh bagian tina iman

الحَيَاءُ مِنَ اْلإِيْمَانِ

Hartina lamun jalma teu biga kaera dina waktu berbuat maksiat berarti eta jalma geus kurang imanna.

Allahu Akbar Allahu Akbar Allahu Akbar

مَنْ رَآى مِنْكُم مُنْكَرا فليغيره بيده فإن لم يستطع فبلسانه وإن لم ييستطع فبقلبه وذلك أضعف الإيمان

Hartosna, "saha jalma anu ningali pamungkaran di antara anjeun maka kudu ngarobah ku leungeunna, mun henteu mampu ku leungeun kudu ngarobah ku letahna, jeung lamun henteu mampu ku letah kudu ngarobah ku hatena, jeung eta teh panglemahna iman" kitu numutkeun pitutur Rasulullah SAW.

Dumasar kana hadits diluhur ngandung harti yen mun aya pamungkaran ulah diantep tapi kudu di da'wahan sesuai kamampuan masing-masing.

Allahu Akbar 3x

Kaopatna, ari puasa ditingali tina segi falsafah nyaeta terwujudna perobahah sikap mental, moral, spiritual, emosional jeng sosial.

Mental jalma anu puasa kudu tahan uji kudu siap menghadapi sagala rintangan jeung tantangan, kudu sabar, ulah cengeng ulah epes meer ulah teu kaopan, ulah ngarasa lemah ulah ngarasa minder.

وَلَا تَهِنُوا وَلَا تَحْزَنُوا وَأَنتُمُ الْأَعْلَوْنَ إِن كُنتُم مُّؤْمِنِينَ

Hartosna, poma anjeun ulah ngarasa hina ulah ngarasa nalangsa, sedengkeun anjeun teh jalma anu luhung lamun anjeun tetep jadi jalma anu beriman. (Qs Ali Imran 139)

Pidawuh Rasulullah SAW

الْمُؤْمِنُ الْقَوِيُّ خَيْرٌ وَأَحَبُّ إِلَى اللَّهِ مِنْ الْمُؤْمِنِ الضَّعِيفِ وَفِي كُلٍّ خَيْرٌ احْرِصْ عَلَى مَا يَنْفَعُكَ وَاسْتَعِنْ بِاَللَّهِ, وَلَا تَعْجَزْ

Hartosna, ari jalma mumin anu kuat eta leuwih alus jeung leuwih dipikacinta ku Allah dari pada mukmin anu lemah, kulantaran eta kudu sumanget neangan nu mere manfaat ka anjeun sarta anjeun ulah ngarasa lemah. (al-Hadits)

Moral jalma anu puasa kudu leuwih hade, diantarana kudu mampu ngajaga letahna tina nyarita bohong sumpah palsu, gibah, nyarekan batur jeung sajabana. Sabab ceuk kanjeng Nabi, Allah henteu butuh kana puasana hamba lamun eta hamba henteu mampu ngajaga tina omongan bohongna, hartina jalma anu puasa akhlakna kudu leuwih hade, rumah tanggana kudu leuwih trentrem oge barudakna kudu leuwih soleh.

Secara spiritual jalma anu puasa kudu leuwih peka hatena, mampu ngarekam sagala isyarat-isyarat Allah nu aya dina damelanana, boh damelan nu aya di langit, di bumi, nu aya dina awak atawa anu aya dina Al-quran.

إِنَّمَا الْمُؤْمِنُونَ الَّذِينَ إِذَا ذُكِرَ اللَّهُ وَجِلَتْ قُلُوبُهُمْ وَإِذَا تُلِيَتْ عَلَيْهِمْ آيَاتُهُ زَادَتْهُمْ إِيمَانًا وَعَلَى رَبِّهِمْ يَتَوَكَّلُونَ

Hartosna, saestuna ari jalma anu iman dimana disebut jenengan Allah bakal sieun hatena, jeung dimana dibacakeun ayat-ayat Allah bakal tambah imanna sarta ka Allah tambah tawakkalna (Qs, Al-Anfaal 2 ).

Sacara emosi jalma anu puasa kudu mampu nyengker tina sagala kaambek, Kangjeng Nabi midawuh yen lamun aya jalma ngajak pasea sedengkeun urang keur puasa bejakeun yen urang keur puasa, pon nyakitu keneh mun aya nu ngambek.

Oge Kangjeng Nabi midawuh yen saestuna ari jalma anu gagah lain anu sok sosorongot tapi jalma anu gagah mah jalma anu mampu mengendalikeun nafsuna lamun aya kaambek.

Allahu Akbar 3x

Saterusna jalma anu puasa sacara sosisial kudu hade jeung balarea, kudu ngajaga hubungan jeung dulur, kudu akur jeng batur sakasur, batur sadapur jeung batur salembur.

Utamana daek silaturahmi, gede hampura, jembar manah sarta ulah saruana mun aya jalma nu goreng adatna.

Kahadean anu paling gede ganjaranana di bulan romadlon nyaeta nulung kanu butuh nalang kanu susah, sanajan ngan ku carita atawa bahasa.

Pidawuh Rasullullah, "Saha jalma nyumponan hajat jalma Islam di bulan ramadlon maka Allah bakal nyumponan sarebu hajatna dina poe kiyamah."

مَّن يَشْفَعْ شَفَٰعَةً حَسَنَةً يَكُن لَّهُۥ نَصِيبٌ مِّنْهَا ۖ وَمَن يَشْفَعْ شَفَٰعَةً سَيِّئَةً يَكُن لَّهُۥ كِفْلٌ مِّنْهَا ۗ وَكَانَ ٱللَّهُ عَلَىٰ كُلِّ شَىْءٍ مُّقِيتًا

"Sing saha jalma anu ngabantuan kana hade pasti bakal meunang bagian tina kahadean, sedengkeun lamun jalma ngabantuan kana goreng pasti bakal meunang kagorengan, saenya Allah eta kacida maha kuatna” (Qs Al-Nisa 85-86)

Pidawuh Rasul anu hartosna yen

"Saestuna Allah SWT salawasna bakal nulungan hambana salami hamba eta masih sok tutulung ka sasama hambana" ( Al-Hadits).

Dina Qs Al- Maidah ayat dua saur Allah


 وتعاونوا على البر والتقوي ولا تعاونوا على الاثم والعدوان واتقوا الله ان الله شديد العقاب

Hartosna, "jeung kudu silih tulung tinulung aranjeun dina kahadean jeung katakwaan, sarta ulah silih tulung tinulung aranjeun dina perbuatan dosa jeung permusuhan"

Ibadah puasa kudu mampu ngarobah tina sifat sewang-sewangan kana sifat gotong royong, anu tadina pedit jadi berehan, anu tadina haseum budi jadi someah.

Tah ieu anu disebut kasolehan sosial, ulah lebar ku harta da harta moal dibawa maot.Urang kudu ngabersihan hate tina cinta kana dunya ku cara loba sodaqah anu ikhlas.

Yu urang titipkeun harta urang supaya nepi ka Allah melalui panti asuhan, pondok pesantren, masjid, majlis ta'lim jeng nu sejenna malak mandar eta harta jadi syafaat jaga di poe kiamah.

Pamugi puasa urang sing jadi benteng tina sagala bentuk maksiat sarta jadi panyinglar tina penderitaan dunya akhirat, amin ya rabbal alamin

 بارك الله لي ولكم ونفعني وإياكم بالايات وذكر الحكيم
وتقبل مني ومنكم برحمتك يا أرحم الراحمين

Khutbah II

اَلْحَمْدُ للهِ عَلىَ اِحْسَانِهِ وَالشُّكْرُ لَهُ عَلىَ تَوْفِيْقِهِ وَاِمْتِنَانِهِ. وَأَشْهَدُ أَنْ لاَ اِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَاللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الدَّاعِى إلىَ رِضْوَانِهِ. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وِعَلَى اَلِهِ وَاَصْحَابِهِ وَسَلِّمْ تَسْلِيْمًا كِثيْرًا

أَمَّا بَعْدُ فَياَ اَيُّهَا النَّاسُ اِتَّقُوااللهَ فِيْمَا أَمَرَ وَانْتَهُوْا عَمَّا نَهَى وَاعْلَمُوْا أَنَّ اللهّ أَمَرَكُمْ بِاَمْرٍ بَدَأَ فِيْهِ بِنَفْسِهِ وَثَـنَى بِمَلآ ئِكَتِهِ بِقُدْسِهِ وَقَالَ تَعاَلَى إِنَّ اللهَ وَمَلآ ئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلىَ النَّبِى يآ اَيُّهَا الَّذِيْنَ آمَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلِّمْ وَعَلَى آلِ سَيِّدِناَ مُحَمَّدٍ وَعَلَى اَنْبِيآئِكَ وَرُسُلِكَ وَمَلآئِكَةِ اْلمُقَرَّبِيْنَ وَارْضَ اللّهُمَّ عَنِ اْلخُلَفَاءِ الرَّاشِدِيْنَ أَبِى بَكْرٍوَعُمَروَعُثْمَان وَعَلِى وَعَنْ بَقِيَّةِ الصَّحَابَةِ وَالتَّابِعِيْنَ وَتَابِعِي التَّابِعِيْنَ لَهُمْ بِاِحْسَانٍ اِلَىيَوْمِ الدِّيْنِ وَارْضَ عَنَّا مَعَهُمْ بِرَحْمَتِكَ يَا اَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ

اَللهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَاْلمُؤْمِنَاتِ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَاْلمُسْلِمَاتِ اَلاَحْيآءُ مِنْهُمْ وَاْلاَمْوَاتِ اللهُمَّ أَعِزَّ اْلإِسْلاَمَ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَأَذِلَّ الشِّرْكَ وَاْلمُشْرِكِيْنَ وَانْصُرْ عِبَادَكَ اْلمُوَحِّدِيَّةَ وَانْصُرْ مَنْ نَصَرَ الدِّيْنَ وَاخْذُلْ مَنْ خَذَلَ اْلمُسْلِمِيْنَ وَ دَمِّرْ أَعْدَاءَالدِّيْنِ وَاعْلِ كَلِمَاتِكَ إِلَى يَوْمَ الدِّيْنِ. اللهُمَّ ادْفَعْ عَنَّا اْلبَلاَءَ وَاْلوَبَاءَ وَالزَّلاَزِلَ وَاْلمِحَنَ وَسُوْءَ اْلفِتْنَةِ وَاْلمِحَنَ مَا ظَهَرَ مِنْهَا وَمَا بَطَنَ عَنْ بَلَدِنَا اِنْدُونِيْسِيَّا خآصَّةً وَسَائِرِ اْلبُلْدَانِ اْلمُسْلِمِيْنَ عآمَّةً يَا رَبَّ اْلعَالَمِيْنَ. رَبَّنَا آتِناَ فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِى اْلآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ. رَبَّنَا ظَلَمْنَا اَنْفُسَنَاوَاِنْ لَمْ تَغْفِرْ لَنَا وَتَرْحَمْنَا لَنَكُوْنَنَّ مِنَ اْلخَاسِرِيْنَ. عِبَادَاللهِ ! إِنَّ اللهَ يَأْمُرُنَا بِاْلعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيْتآءِ ذِي اْلقُرْبىَ وَيَنْهَى عَنِ اْلفَحْشآءِ وَاْلمُنْكَرِ وَاْلبَغْي يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ وَاذْكُرُوااللهَ اْلعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَاشْكُرُوْهُ عَلىَ نِعَمِهِ يَزِدْكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرْ


* DR KH Abun Bunyamin, Pimpinan Pondok Pesantren Al-Muhajirin; Rais Syuriyah PCNU dan Ketua Umum MUI Kabupaten Purwakarta